
Si Kabayan Koret
Sanggeus Si Kabayan indit ka balong, rek ngala lauk jang nyuguhan sobatna, Si Iteung nyampeurkeun ka sobatna Si Kabayan tea. Pok ngomong:
Si Iteung: " Ayi geus nyaho can kalakuanana Si Kabayan waktu ayeuna ?"
Sobat: " Acan, na kumaha kitu ?"
Si Iteung: " Bisi acan nyaho, ayeuna Si Kabayan jadi robah pangadatanana, ti saprak gering panas."
Sobat: " Kumaha pangadatanana teh? bari semu reuwas.
Si iteung: " Teu kaop aya semah cicing lila di imah, sok neunggeulan ku halu, sanajan semah sobatna oge."
Sobat: "Baruk kitu adatna teh." teu lila sobatna terus pamitan rek balik sieuneun ku Si Kabayan.
Si Iteung : " Alus atuh, ulah eureun-eureun leumpangna bisi Si Kabayan ngudag."
Sanggeus Si Iteung beberes, torojol Si Kabayan datang mawa lauk sagede bitis maksudna jang nyuguhan sobatna dahar.
Si Kabayan: " Iteung kamana ari sobat kami ?"
Si Iteung: " Euh, tadi oge balik teu beunang dicarek ku kami teh, pundung meureun, dumeh aya pamenta."
Si Kabayan: " Pamenta naon ?"
Si Iteung: " Menta halu, ku kuring teu dibikeun, da puguh halu ngan hiji-hijina.
Si Kabayan: " Naha atuh halu-halu bae meni teu mikeun, kadieu haluna ku kami rek di susulkeun !"
Deregdeg Si Kabayan lumpat bari ngacungkeun halu, supaya katempoeun ku sobatna bari gogorowokan. " Ki sobat, Ki Sobat ieu halu teh, kop bae mere jang kenang-kenangan ...!!!
Sobatna barang nenjo Si Kabayan ngudag bari ngacung-ngacung halu, ngan berengbeng bae lumpat satarikna, disangkana rek diteunggeulan ku Si Kabayan.
Posting Komentar
Posting Komentar