 |
Taman Pamekar jilid II |
 |
Aman sabatur - batur marulan di buruan |
Bada Magrib Aman geus disalampeur ku babaturanana. Rék marulan cenah.
Harita téh tanggal 13. Ti beurang, kénéh geus baradami rék galah.
Bulan geus rada luhur,caangna ngempray nyaangan sakuliah alam.
"Galah mah acan jangkep," ceuk Aman, "urang blag sosi baé heula, bari ngadogoan Uha. "
"Enya yu ! Blag sosi baé !" ceuk babaturanana.
Berebet Aman lumpat ka dapur, dituturkeun ku Uha Teu lila geus, jol deui marawa lebu sarawu séwang. Tuluy nyarieun kalang.
"Saha hada mu daek jadi ucing ?" cek Aman.
"Ambeh adil mah mending suten baé," témbal babaturanana.
Kabeneran Udi nu jadi ucing. Barudak patarik-tarik lumpatna méh kabéh arasup kana buleudan nu gedé. Ngan Oma anu kana buleuedan leutik teh Udi ret ka katuhu, rét ka kenca, bari mikir, mana heula anu rék ditépaan.
Tungtungna buleudan gedé nu dituju téh, susuganan aya nu lumpat kana gandok leutik, cek pikirna. Udi ngurilingan kalang, gancang pisan lumpatna, bari leungeunna raragamangan kana jeroeun kalang.
Barudak téh bereyek ka ditu, bereyek ka dieu, pada sieun katoél, bari teu eureun saleuseurian. Berebet Oma jeung baturna duaan lalumpatan kana gandok leutik.
Posting Komentar
Posting Komentar