Featured Post

Cinema 21

CINEMA 21, merupakan kelompok bioskop terbesar di Indonesia yang memulai kiprahnya di industri hiburan sejak tahun 1987. Cinema XXI berada di bawah naungan PT Nusantara Sejahtera Raya. Seiring dengan tuntutan perkembangan zaman, Cineplex 21 Group telah melakukan sejumlah pembenahan dan pembaharuan,…

Pupuh Sunda Dangdangula


bandung tempo dulu
Marulan dipilemburan


Dangdanggula
Ngaran pupuh, watekna pikeun ngagambarkeun kabungahan. Lian ti eta sok dipake wiwitan wawacan, Jaba ti pupuh Dangdanggula nu sok dipake ngamimitian dina wawacan teh nya eta, Sinom jeung Asmarandana.

Lagu-lagu dina pupuh Dangdanggula nja eta,Rancag (Buhun), Kentar, Bayubud, Kajawen jeung sajabana. Upama urang nitah nembang tara disebut pupuhna, cukup ku disebut laguna bae, contona : „Coba tembang lagu Bayubud !" Tangtu nu dititah ngarti sorangan, yen Bayubud teh dina pupuh Dangdanggula.


Kagagas ku Cahya Bulan (dangdanggula) :

1. Langit lenglang taya aling-aling, caang bulan tanggal opatwelas, bulan keur meujeuhna gede, cahyana hurung mancur, keur nyaangan saeusi bumi, sumirat sajajagat, sumawur ka luhur, ngebrak caang lir ti beurang, matak nyuat kana ati nu keur nyaring, nu sok tuman ngabungbang.

2. Bentang-bentang bangun semu isin, tingsalindung jeung pada baturna, kucap-kiceup tingdarelek, siga anu keur bendu, ngabenduan rajaning peuting, dumeh taja rasrasan, boga rasa angkuh, ngaku nu pangkawasana, anu murba ka sakabeh eusi bumi, sakur nu kaso-rotan.


3. Angin tiis hiur ngahiliwir, nebak kana sakur dangdaunan, daun tandjung nu ngaroyom, katiup tingkulupur, tingsareak pagaris-garis, pucukna tingarulang, bangun nu ngajurung, nitahan supaya ingkah, lalamunan ulah teuing geura ngampih, mulang ka pajuaran.


4. Tangtu pisan dina ieu peuting, rea jalma anu milu suka, milu bungah senang hate, ngabangbrangkeun kabingung, ngaleungitkeun kasedih ati, sakabeh tetendjoan, tangtu bisa tepung, nu datang ti unggal madhab, dina bulan bisa campur jadi hiji, teu tiasa papisah.


5. Bungah soteh nu keur tiis ati, sawang-sulna nu keur nandang susah, sungkawa campur jeung sono, sono emut ka lembur, lembur bali geusan ngajadi, rusras rada waraas, ngarasa kaduhung, kaduhung pedah paturay, reh paanggang sareng tempat lemah cai, tebih jeung buah manah.


6. Takdir diri teu kenging dipungkir, kadar badan teu beunang disinglar, arek aral da papasten, kersana Anu Agung, paanggang jeung sanak pamili, cengceling ngan sorangan, euweuh pisan batur, nu diajak pakumaha, kabeh jalma lieuk deungeun lieuk lain, taya nu bakal bela.


7. Titingalan sugai jadi hiji, dina buian tiasa patepang, patèpung jongok paamprok, reujeung anu di lembur, nu dicileuk beurang jeung peuting, kapicangcam saban jam, emut saban waktu, nu taya pisan kendatna, ukur tapi dina panyiptaning ati, ngalamun pamohalan.


8. Pipikiran tambih-tambih sedih, rarasaan tambah sumoreang, hate tugteg tingseredet, sirah lanjung baringung, tulang sandi karasa nyeri, badan estu teu nangan, nahnay leuleus lesu, taya tangan pangawasa, tungtungna mah ngalamun nu lain-lain, anu matak nalangsa.
 Tina Buku "Pancawarna" beunang ngarobah: R.I.Adiwijaya jeung M.A. Salmun. BACA BERIKUTNYA >>

Related Posts

Posting Komentar

Subscribe Our Newsletter