Featured Post

Cinema 21

CINEMA 21, merupakan kelompok bioskop terbesar di Indonesia yang memulai kiprahnya di industri hiburan sejak tahun 1987. Cinema XXI berada di bawah naungan PT Nusantara Sejahtera Raya. Seiring dengan tuntutan perkembangan zaman, Cineplex 21 Group telah melakukan sejumlah pembenahan dan pembaharuan,…

Dongeng Sunda Si Kabayan Jeung Ajengan Bagian 2

 
Si Kabayan
SI KABAYAN JEUNG AJENGAN

Bagian ka 1 na klik nu ieu ... 


"Nu mawi hasilna teh mung semet kenging wiwirang, Mama !" "Wiwirang kumaha,Jang Haji?" "Sumuhun eu lalakonna mah kieu ",ceuk Si Kabayan bari ngagaroan gadona,jeung karacam-keureuceum.

"Kapengker teh abdi teh kantos kapengpeongan ku Nyi Epon sagala ihtiar ditumplekkeun kanggo ngemat asih ti manehna, nanging sumuhun ituna mah rupina cohagna mah teu bogoheun weh ka abdi teh. Nya lajeng abdi tatamba ka Abah Sarta, nyuhunkeun dipangmeletkeun ku anjeunna téh dipaparin cai dina kendi, kenging ngajampean. Bari saurna, enjing kedah dianggo sibeungeut,teras bada sibeungeut kedah nepangan si manehna,sing pajonghok paadu teuteup,kalayan dipasihan jangjawokanana,papatkeuneun dina waktos pajonghok téh.

Sadongkapna ka rorompok eta cai teh ku abdi dieurihkeun kana baskom,maksad teh supados ulah hese nyewakanana,sarta sok disimpen dina luhur media tengah rorompok. Enjingna subuh keneh teras bae eta cai teh dianggo sibeungeut, malah barang bade mios ka jalan bade megat Nji Epon ge,sakali deui dianggo ngawasuh raray dugi ka walatrana. Saparantos ngasop,kencling bae abdi mios nawaetu bade megat wanoja nu dipicangcam tea.

Teras ngajanteng dina liliwateunana. Nembe rentang-rentang oge,abdi parantos nyanghareup sarta teras mapatkeun asihan tea. Mung abdi kagok wireh waktos ma nehna sareng baturna nempo kana beungeut abdi, ujug-ujug tingceuleukeuteuk saleuseurian sareng ting kalieus, anu terasna mah tingirihil bari silih ciwit. Atuh kantenan we abdina oge janten tampi raos Mama ! Harita keneh enggal wangsul, dina hate ngagolak rupi-rupi patarosan, naha asihan teh bet kieu buahna ? Sadongkap ka rorompok,„ enggal ngeunteung kana kaca ageung.Barang breh teh ya Allah nu Maha Agung! Paingan Nyi Epon baturna tingceuleukeuteuk saleuseurian.

"Na naon kitu,Jang Haji ?" saur Mama Ajengan.„Eu sumuhun, da atuh beungeut abdi teh jadi burahay beureum sapertos beungeut Rahwana !" „Jadi beureum kumaha?" saur Mama Ajengan daria pisan. „Sumuhun eu beureum dibalur gincu campur mangsi !"

"Naha make aya gincu los-los kana beungeut-beungeut" bae,waktos eta cai tos aya dina baskom,ku pun adi digincuan bade dianggo ngagambar langlayangan,sumuhun malum budak, gincu campur mangsi.Ku abdi teu kaparios atuh sibeungeutna kapan subuh-subuh,poek",ceuk Si Kabayan bari rada ngalengis,tayohna nalangsaeun inget kana musibat harita.
"Tah kitu Mama pangalaman abdi mah waktos tatamba kana elmu sihir teh Mama Ajengan ngadangu kitu teh ngan ukur mesem.***

DONGENG SUNDA SI KABAYAN NGALA LAUK klik nu ieu ...

Related Posts

Posting Komentar

Subscribe Our Newsletter