Featured Post

Cinema 21

CINEMA 21, merupakan kelompok bioskop terbesar di Indonesia yang memulai kiprahnya di industri hiburan sejak tahun 1987. Cinema XXI berada di bawah naungan PT Nusantara Sejahtera Raya. Seiring dengan tuntutan perkembangan zaman, Cineplex 21 Group telah melakukan sejumlah pembenahan dan pembaharuan,…

Upacara Pernikahan Suku Sunda Huap Lingkung Bagian 2





Upacara Huap Lingkung 



Nu ngalajengkeun kitu peta teh ; sami teu acan uninga kalepatanana. Sapertos :

1.) Adat Sunda, anu moal tea ngahuapan caroge ku panangan kenca, dalah nu ngahuapan budak oge kedah bae ku katuhu. Kajabi upami nu ngencakeun atanapi panangan katuhuna teu sampurna.

2.) Huap Lingkung teu aya ti dituna disarengan tuang ngariung. Komo disarengan tuang ku tamu-tamu mah (tamu nu teu acan maparin salamet ka panganten). Kalepatan-kelepatan anu kieu, teu benten ti upami ibu rama (mertua) panganten, ngiring nyalametkeun ka panganten (putra) nyarengan tamu-tamu. Padahal panganten-panganten teh saberesna dirapalan, ka ibu ka rama (mertua) heula, nyanggakeun sembah sungkem, sujud kana sampeanana neda berkah/pandu'a sareng pangampura.

Rengse ka ibu rama/mertua, lajeng ka Aki Nini upami aya di dinya nyaksian walimah. Teu aya mah lajeng bae munjungan ka Panghulu nu nikahkeun. Ka tamu ulah waka. Sabab engke upami parantos rengse upacara huap-lingkung, tamu-tamu bakal dihaturanan maparin salamet ka Panganten, lajeng taruang kalawan tartib. Eta kabiasaan kitu sanes kabiasaan satempat-satempat, nanging sasat rukunna dina ngatur nu karia, sangkan teu taliganca, nanging supados tartib sareng hidmat.

Nu nyerat ieu, dina kadua kalina kaondangan nikah di eta tempat (sakacamatan sakabupaten keneh), bet leres harita mah. saluyu sareng adat kabiasaan di Bandung, Garut, Cianjur. Horeng nu nyepengna upacara (pangjejer), sanaos sami urang dinya keneh, nanging benten jalmina. Teu lepat atuh yen dina upacara-upacara teh kedah ku protokol sareng pangjejer anu leres-leres iasana. Margi leres henteuna, beres henteuna karia, teu saeutik gumantung ka anu jadi Pangjejer (Protokol).

Ti kapungkur teu kacatur tamu kenging ngiring tuang dina huap-lingkung (Huap-lingkung prakna tara sareng tuangna tamu-tamu), margi saur sepuh baheula "Huap Lingkung" panganten teh sok di pangkeng kajuaran, sasat nyumput. Ngaragangan tabeat panganten sok ageung kaisin. Teu aya panganten wanter, dugi ka wantun dilalajoan silih huapan. Diatur masangkeun "adep-adep" katuangan panganten teh. Nyambung ka bagian 3 klik nu ieu ...



Related Posts

Posting Komentar

Subscribe Our Newsletter